KUMPULAN KHUTBAH



Garut ,15 September 2013 
Dari.Doc Miftahul Huda 2007

BISMILLAH. KHUTBAH 'IDIL ADHA 1424 H / 2004 M.
الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر-                    الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر-لا إله الا الله هو الله اكبر،  الله اكبر ولله الحمد. الحمد لله حمدا كثيرا. وسبحان الله بكرة وأصيلا. لا إله الا الله ولا نعبد الا إياه محلصين له الدين ولو كره الكافرون. لا اله الا الله وحده، صدق وعده، ونصر عبده، وأعز  جنده، وهزم الأحزاب وحده . لا إله الا الله هو الله اكبر، الله اكبر ولله الحمد. اشهد            ان لا اله الا الله وحده لا شريك له،  واشهد أن محمدا عبده و رسوله لا نبي بعده. اللهم صلى على سيدنا محمد وعلى ازواجه واولاده وأصحابه وتابعه وأمته ومن تبعهم بإحسان الى يوم القيامه. أما بعد: فيا عباد الله أوصيكم ونفسى بتفوى الله وطاعته لعلكم تفلحون فى الدنيا والأخره.
TAQWA BINIH KASUBURAN JEUNG KAUNTUNGAN

Maha Agung Alloh SWT, Dzat anu parantos maparin nikmat hirup sareng hurip ka urang sadayana. Kalayan Ridlo, Taufiq, sareng Hidayah manten-Na, urang sadaya tiasa deui patepang raray, kumpul ngariung dina dintenan agung, dintenan lebaran Qurban, atanapi 'Idil Adha, tawis bukti, bentuk maksimal pengorbanan Akbar, anu dimimitian ku Nabiyulloh Ibrohim AS, sanggem ngabuktoskeun Iman dina kayakinan, percaya kana Wahyu Alloh, teu mendag-mayong, teu gimir-teu ringrang, nu dipiwarang meuncit putrana, Kangjeng Nabiyulloh Isma'il AS, generasi nu ngan sahiji, buah cinta-belahan hate, anak samata wayang, pelanjut perjuangan, calon Mujahid, ti Siti Hajar RA.
Shalawat sinareng Salam Kawilujengan, tansah ginulur, sapapaosna, mugia dilungsurkeun kanggo Panutan Alam, Rosululloh, Panutup jeung Gustina para Rosul-Para Nabi, Muhammad SAW.
Hadirin, Para Jama'ah 'Idil Adha nu dimulyakeun Ku Alloh SWT!
Gelegerna Pujian Takbir, Tahlil, jeung Tahmid dina enjing-enjing nu endah ieu, Muji ka Alloh teu liren-liren. Nyaeta mangsana ragem sadaya kaum Muslimin sa jagad, madepkeun pamenteu, yakin ka Alloh SWT, Pangeran nu ngan sahiji, teu aya duana, teu aya contona, teu putraan jeung teu diputrakeun, Alloh Robbul 'Izzati, teu pernah ka kekeunaan nundutan, komo kulem, sanajan ngan sakarijepan. Alloh SWT, nu geus ngempelkeun wargi urang sadayana, sadunya, di padang Arapah, kunci kasampurnaan ngalaksanakeun Rukun Islam kalima, Ibadah Haji, dulur urang nu kenging uleman ti Alloh SWT, nu mudah-mudahan dipaparinan kakiatan ngalakukeun  pasaratan sareng kawajiban Ibadah Haji, dijagjagkeun, disehatkeun, dijembarkeun atina, dikuatkeun kayakinannana, dipasihan ganjaran anu tiasa ngaleberan sakuriling bungking jagad, nu, mudah-mudahan pangleberanana tiasa dugi ka urang sadaya, nu aya di Indonesia-Jawa Barat-Ciamis, khususna Umat Islam Nu aya di Kampung Panyingkiran. Aranjeuna marulang ti Tanah Suci, sing dijantenkeun Haji Mabrur, nu teu aya deui balesanana, iwalti Sawarga. Urang sadayana, nu jadi tatanggana, sing dicaang-padangkeun atina, generasina, sing dijadikeun generasi nu saroleh, palinter, balener, rinceng Ibadahna, getol neangan ilmuna, rajin neangan rizqina, dibeungharkeun, dilempengkeun, pikeun tetep yakin, Alloh SWT, dina sakolepat, tiasaeun ngarobah, nu badeur sing jadi bageur, nu koret sing jadi nyaahan ka sasama, nu ripuh sing jadi sugih-mukti, nu teu pati getol Ibadah sing jadi jalma nu daekan ka Masjidna.
Ti kawit cahaya pajar tadi di palih wetan nyingraykeun lelangse peuting, dugi ka surupna sarangenge di palih kulon, dina kaping 13 Dzulhijjah, anu kawentar disebat poean Tasyriq, kaum Muslimin satungkebing dunya, aya dina seahna muji Ka Alloh SWT, tuluy-tumuluy, ngucapkeun Takbir, Tahlil, jeung Tahmid. Kalimah eta, ngaguruh, ngageterkeun eusining bumi katut langit, minuhan awang-awang, nyangredkeun ka-Makripat-an, moal robah kayakinan, pangeran atawa Tuhan, ngan hiji, sahiji-hijina,… Alloh SWT.
الله اكبر الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله هو الله اكبر ولله الحمد.
Dintenan ieu, khususna, urang sadaya, mieling lalakon nu kantos kasorang ku Kangjeng Nabi Ibrahim AS sareng putrana. Ngaguratkeun kayakinan dina hate, ku mencit hewan kurban. Ngamparkeun karaharjaan, ngajembarkeun parizqian nu dipaparinkeun ku Alloh. Anu manpa'atna, lewih nguatkeun tali mimitran diantara para dulur, antara nu kaya jeung nu teu boga, ngabagikeun daging kurban, kanu teu pati remen ngadahar, ngagedatkeun tali tulung-tinulungan, buktos ngahijina cangred Shilaturrahmi Umat Islam. Sakumaha dawuhan Alloh dina Al-Qur'an.
انا أعطيناك الكوثر* فصلى لربك وأنحر* إن شانئك هو الأبتر*.
Hartosna: "Saestuna Kami geus maparin nikmat anu kacida lobana ka maraneh. Ku sabab eta, maka maraneh kudu ngadegkeun Shalat jeung kudu Kurban karana Pangeran maraneh. Saestuna nu ngewa ka maraneh, eta teh jalma nu pegat kahadeannana".
الله اكبر الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله هو الله اكبر ولله الحمد.
Hadirin Kaum Muslimin Kakasih Alloh SWT!
Dina detik-detik ieu, urang pantes pikeun sukuran. Kumargi, urang sadaya tambih sadar, yen manusia dibandingkeun sareng makhluk Alloh lianna, makhluq pang lemah-lemahna, teu daya, teu gaduh kakuatan. Malahan, manusa teu banding jeung keusik-kesik acan, dibandingkeun lautan kajembaran tur kaagungan Alloh SWT, teu sabanding jeung sakeclak cai nu aya di samudra, dibanding jeung sagara Rahman-Rahim-na Alloh SWT. Pernah urang ngitung, sabaraha kali ngiceup, samenit, sabaraha kali empesan sa-jam,… sapoe,… saminggu,… sabaraha cangkireun, cai kahampangan dina satahun… Hal saperti kieu, bisa dijadikeun sumber kasadaran urang sarerea.
Alam nu ngaplak ieu, hiji tawis bungkeuleukan, nu langkung eces tina kaagungan Alloh SWT. Sarta mangrupikeun lambang kakawasaan Alloh nu tohaga. Nu ngajadikeun manusa bengong-hookeun. Tapi hanjakal, kabiasaan urang salaku manusa, sok ngaruksak rarasaan kata'juban.. ku Nafsu sorangan.
Soca sareng pangrungu urang, kadang-kadang teu malire kana sagala nu ditingal sareng nu didangu, malah kalah api-lain, seolah urang teh, teu pernah narima paparin Rahman jeung Rahimna Alloh SWT. Urang hilap, yen sagala rupi nu aya di sakuriling bungkingeun urang, tawis kana kanyaah sareng Maha Agungna Alloh SWT. Geuning nyaan, nikmat ti Alloh SWT, sakitu teu ka itungna. Wajar jeung pantes, lamun Alloh miwarang Makhluqna nu mampu, pikeun mikanyaah nu teu mampu, ku menta, pangbungahkeun aranjeunna, ku ngabagi hewan kurban.
الله اكبر الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله هو الله اكبر ولله الحمد.
Hadirin Kaum Muslimin Kakasih Alloh SWT!
Dina enjing-enjing nu endah ieu, urang ngorejat hudang tina keleleban. Sadaya paraosan sareng pangakuan urang kana kakawasaan sareng kaagungan Alloh SWT, urang buktoskeun dina urapan Takbir, Tahlil, Tahmid jeung Taqdis, nu ku urang digemakeun.
الله اكبر الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله هو الله اكبر ولله الحمد.
Tos dugi kamana, nerapkeun sagala kedal ucapan sareung Dzikir urang teh?. Leresan ieu, urang sukuran, yen ku ibadah nu dilaksanakeun sadidinten, tos mere ajen anu kacida lelebna kana Iman urang ka Alloh SWT, tur nyingraykeun kasadaran urang nu langkung pinunjul pikeun ngahontal udagan hirup nu samistina, nyaeta Taqwa. Dawuhan Alloh dina surat Al-Baqoroh ayat 21, nu unggelna:
يا أيها الناس أعبدوا ربكم الذى خلقكم والذين من فبلكم لعلكم تتقون.
Hartosna: "Yeuh manusa!, Prak aranjeun geura Ibadah ka Pangeran aranjeun, Pangeran anu geus nyiptakeun aranjeun katut jalma-jalma samemeheun aranjeun".
الله اكبر الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله هو اكبر ولله الحمد.
Hadirin Kaum Muslimin Kakasih Alloh SWT!
Taqwa teh, ajen nu pangmulyana. Taqwa teh, geleuhna kahirupan, anu salawasna jadi udagan setiap jalma Muslim. Alloh SWT, salawasna ngajurung-laku ka manusa, sangkan ngahontal darajat Taqwa, sarta ngamulule, naha Taqwa teh geus kapibanda atawa can kapiboga?. Alloh SWT ngawajibkeun  ka manusia pekeun Ibadah, malah-mandar jadi jalma nu Taqwa. Sabab, ku Taqwa eta, bisa nancebkeun akhlaq nu mulya, anu pangaruhna, sanes wae keur diri nu ngamilikina, tapi, oge keur balarea.
Manusa nu geus hasil ngahontal darajat Taqwa, terus satekah polah miara jeung mertahankeun, dipeunteun minangka jalma anu sukses Ibadahna. Manehna lir ibarat hiji tangkah anu alus, anu dipelak, sarta dipiara. Terus eta tangkal teh buahan, lebet-tur baradag, nu akibatna didahar eta buah ku nu melakna, akhirna, jadi sumber kajagjagan jeung kasehatan anjeunanana.         Ku kituna, yu atuh urang piara Taqwa teh dina awak urang sarerea!, malah mandar aya guna keur karaharjaan kahirupan. Tangtuna, Taqwa, ngajamin kasalametan manusa di dunya, jeung di alam jaga.
Ku lantaran hal eta pisan, Alloh SWT, mosisikeun manusa nu Taqwa, jadi manusa nu pang pinunjulna. Eta manusa, jadi jalma mulia. Di dunya, tur di alam sampeureun jaga. Pidawuhna:
إن أكرمكم عند الله أتقاكم
"Jalma nu pangmulyana diantara aranjeun, mungguh Alloh SWT; Nyaeta jalma nu pang-Taqwa-na". (Al-Hujurot: 13).
Ku kituna, darajat Taqwa pisan, nu kudu jadi udagan kahirupan kaum Muslimin dina ngeusi alam pawenangan dunya ieu.
Kitu tah, Agama Islam ngatik kehirupan manusa, anu bibit buitna mah dipitembeyan ku Tauhid. Tina Tauhid nyebarkeun Iman jeung Amal soleh. Akhirna, Amal ibadah anu dijiwaan ku Iman tur diraksa tuluy-tuluyan, ngahudangkeun hiji sikep hirup kaum muslimin, nu pinilih. Ku margi kitu, upami dina hirup kanagaraan jeung kamasyarakatan, Taqwa jadi jejerna, Taqwa dijadikeun tihang, Taqwa dijadikeun modal ngabangun bangsa, dimana pangawasa jeung rahayat, pada hidup Taqwa, tanwande kahirupan kanagaraan teh kenging karunia sareng Ridlo Alloh SWT.
Sok upami salawasna, pangawasa jadi puseur tuladeun rahayat, kaamanan, katengtreman, tanwande bakal ngajentre. Tangtuna, moal aya masalah nu teu bisa kaselesaikeun, rahayat beunghar, pamarentah ngeunah. Tapi lamun sabalikna, tangtuna, rahayat kalaparan jeung silih pitnah. Pamarentah, guligah jeung silih bantah. Dawuhan Alloh SWT:
ولو أن أهل القرى امنوا واتقوالفتحنا عليهم بركات من السماء والأرض           ولكم كذبوه فأخذناهم بما كانوا يكسبون. (الأعراف: 97)
Hartosna: "Lamun seug pengeusi hiji nagri ariman sarta taraqwa, tanwande Kami maparin Kurnia ka maranehna, ku rupa-rupa berkah ti langit jeung ti bumi. Tapi maranehna ngabarohongkeun, nya Kami nibankeun siksaan ka maranehna, alatan mangpirang hal nu diusahakeun ku maranehna".
الله اكبر الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله هو الله اكبر ولله الحمد.
Danget ieu pisan, saat Idul Adha, yu urang mitembeyan lengkah, ngamimitian hirup ku ka-Taqwa-an. Kumpulna urang sadaya di ieu Masjid, sing janten pahala, Kanggo Ibu Rama, Aki-Nini, Uyut, jeung saterusna.
Oge para suami atanapi para istri, nu tos ngarantunkeun urang sadaya. Sing ditarima amal-ibadahna, dijauhkeun tina siksa kubur, dilenglangkeun pangsareannana.
Kanggo urang nu masih kumulendang di dunya, sing jadi tambah getol Ibadah, sing jadi Karasa nikmatna, Sholat!; Sing jadi karasa nikmatna berkulawarga jeung boga imah; Sing jadi karasa nikmatna jadi    Suami-Istri jeung boga budak; Sing jadi karasa nikmatna ibadah di ieu Masjid. Do'akeun para Jama'ah al-Hujjaj, nu geus beres, ngarengsekeun sakabeh manasik Haji, ngabalang Jumroh, Towaf, sareng Sa'I, anu dimimitian ku kumpul di Arofah. Sing mulang, jadi Haji Mabrur, bersih, suci, lir orok nu kakara lahir.




Kacida bagjana, khususna, urang nu kumpul di ieu Masjid Tonjong,         tiasa ngawaler panggentra Nabiyulloh Ibrahim AS, ngabageakeun pangulem Alloh SWT, sasarengan sareng umat Islam sajagat sanesna, tiasa sumping ibadah Haji di Tanah Suci, Pangrereban Rosululloh SAW sareng Kulawargina katut Sohabat-Na. Pepejeuh, ayeuna pisan, awak urang ulah ngotoran deui lambaran hirup ku kadorakaan,… nyaah. Sucikeun hate, bersihkeun pikiran, pek hate deheskeun ka Alloh SWT, nga-Do'a, teu hese-eun keur Alloh SWT, nginditkeun urang ka Indung Masjid sa jagat, nu aya di Tanah Arab,  nyuhunkeun urang sadayana nu aya di dieu, sing tiasa sumping Ibadah di Tanah Mulia, Makkah sareng Madinah, Gedengen pendeman badan Rosululloh. Amiin.
الله اكبر الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله هو الله اكبر ولله الحمد.
بارك الله لى ولكم ولسائر المسلمين والمسلمات انه هو الغفور الرحيم.
KHUTBAH KA DUA
الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر-                    الله اكبر- لا إله الا الله هو الله اكبر ،  الله اكبر ولله الحمد.
 الحمد لله الذى كل شيئ فقدره تقديرا. اشهد ان لا اله الا الله الذى جعل الليل والنهار. واشهد أن محمدا عبده و رسوله وكان عبدا شكورا.اللهم صلى على سيدنا محمد وعلى ازواجه واولاده وأصحابه وتابعه وأمته ومن تبعهم بإحسان ليلا ونهارا. أما بعد: فيا عباد الله إتقوا الله وأذكروه ذكرا كثيرا. اللهم إغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين  والمؤمنات . الأحياء منهم والأموات . اللهم سلامتا لنا ولعبادك الحجاج  والغزاة والمسافرين والمجاهدين من أمة محمد أجمعين. اللهم أعز الإسلام والمسلمين. وأخذُل الكفرة والمشركين . اللهم إدفع عنا البلاء والوباء والفخشاء والمنكر والبغي. من بَلَدنا هذا خاصه ومن بلدان المسلمين عامة. وتب علينا إنك أنت التواب الرحيم. ربنا أتنا فى الدنيا حسنة وفى الأخرة حسنة وقنا عذابا النار. والحمد لله رب العالمين.   
 
  

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Silahkan Kritik & Saran Klik Anony Mouse